Widget jam

Rabu, 14 November 2018

Sinopsis Novel Basa Sunda

SI BOHIM JEUNG TUKANG SULAP


Karya Samsoedi



    Si Bohim, téh anak tukang patri di lembur, nu kahi­rupanana basajan pisan. Si Bohim teu kungsi tamat sakola dasar, sabab kababawa teu bener ku baturna, Si Kardun, anu bengal. Malah dina hiji waktu Si Bohim garelut, kakadék ku pakarang anu tuluy jadi tatu parna. Tina éta kajadian Si Bohim babalik pikir: daék sakola nu bener.  Ngan waé kudu ka kota sabab éra ari kudu balik ka urut sakolana mah. Di kota manéhna dititipkeun di kapi bibina. Ngan, dasar nasib, manéhna kudu balik deui ka lembur. Lantaran geus insap, Si Bohim saregep digawé mantuan kolotna. 
Dina hiji waktu, aya tukang sulap nu kabeneran ngamén ka lemburna jeung tuluy mondok di imahna. Tukang su­lap, urang India, ménta Si Bohim mantuan manéhna ngamén. Saprak mantuan tukang sulap, Si Bohim diajar maén sulap nepi ka mahér.  Ku kituna sabada tukang sulap maot, manéhna jadi gantina. Si Bohim bisa hirup tina ladang maén sulap. Ngan, manéhna teu tulus jadi tukang sulap, lantaran ditipu ku batur. Ieu carita, saperti carita-carita Samsoedi lianna, loba pulunganeun, piwuruk, jeung tungtunan

Sinopsis Novel Basa Sunda

SI BOHIM JEUNG TUKANG SULAP Karya Samsoedi     Si Bohim, téh anak tukang patri di lembur, nu kahi­rupanana basajan pisan. Si B...